Basa hate nyawang salira, aya hujan ngaguguntur. Malidkeun rupaning rasa, ngabedah runtah amarah nu teu weleh nyaliara sabada salira cidra udar subaya. Masih keneh atra wakca salira ngedalkeun sagala rasa ditungtungan ku kecap hampura teu wasa nuluykeun talimeng rasa. Naha, kuring tumanya. Salira kemba, teu nyoara. Kahemeng mingkin rosa minuhan dada. Kuring maksa sangkan salira kedal ucap, ngebrehkeun lalangse nu jadi sabab kudu paturay.
Samagaha hate kuring, samagaha jiwa kuring. Sumoreang kakalayangan neangan pamuntangan. Salira wakca aya hate nu leuwih raheut mun urang pasini mageuhkeun asih. Hate nu teu weleh mirig salira ku pangdua, hate nu wening nu moal weleh mitresna salira sanajan jaman nungtungan. Hate nu miharep salira nyanding bagja, metik kembang katresna. Tapi naha lain kuring, sempalan hate salira? Saha atuh inyana teh? ku harianeun meunggaskeun tangkal harepan, muragkeun kembang nu ligar di palataran rasa urang, Nyingkirkeun srangenge nu moncorong nyaangan kedeudeuh urang, kasilih ku samagaha nu mongkleng, masieup hate nu gudawang.
Dina wirahma nu kacida antare, salira nyoara dumareuda. Lamun lain indung nu ngandung, tangtu salira bisa pundung nyingkahan kasugri ati. Lamun lain indung nu daria menta, tangtu salira tiasa baha, nampik kapalay anjeuna. Tapi salira teu bisa kumaha, narah mun kedah doraka. Nyilakakeun jiwa katut raga salawasna, sapapaosna.
Samagaha mingkin leleb, moekan hete nu kingkin. Marudah ku amarah, marojengja ku rasa kuciwa. Batin balilihan, jumerit maratan langit. Duriat nu mimiti mangkak kapaksa kudu muguran di tengah jalan. Kuring teu bisa nyoara, teu bisa ngebrehkeun galura hate nu samagaha. Ukur cimata nu mimiti nyakclakan, mirig samagaha nu nyaliara. Purnama teh ukur impian nu moal kungsi kasorang. Lambaran carita hate urang mimiti soeh, pejet dijejewet ku kanyeri nu beuki anteb neuleuman talaga rasa.
Salira amitan, carinakdak nyugri karempan negeskeun kapeurih nu sarua. Keur panungtungan urang patarema panangan, seja diajar mulasara asih dina wanda nu lian. Lain asih nu kamari endah, lain cinta nu baheula nyata, tapi asih nu beresih dina tali duduluran. Naha bisa, naha sanggup ngarobah rasa? Sedeng hate mingkin samagaha.
Basana sae pisan, hoyong maca Mangle dui euy…hiks. Wilujeng tepang ah.
tulisannya sngat memberi inspirasi bagi pembaca terutama saya sendiri
thank you full
he he..
Teteh nepangken abdi Diza, Ah bade didamel blog bahasa sunda, Blogger nyayogiken teu nya????
Upami teu lepat mah aya, seueur oge blog nu postinganana dina bahasa Sunda. Ieu maah etang-etang diajar ngamumule.
bisa ditranslate Teh…
seu’eur keneh gening nu kersa ngamumule budaya sunda, hatur nuhun teh.. 🙂
I want to post quick hello and want to say appriciate for this good article.
I really liked reading your post!. Quallity content. With such a valuable blog i believe you deserve to be ranking even higher in the search engines 🙂
Tiasaan bahasa sundana meni cihuuuuuy
Geningan kitu nya ari rasa samagaha teh….